Senin, 05 Desember 2011

ANALISIS PUPUJIAN ÉLING - ÉLING

A).  Analisis Pupujian
ÉLING - ÉLING
Éling-éling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah
Solat asar
Estu kawajiban
Urang keur di dunya
Kanggo pibekeleun
Urang diaherat
Analisis pupujian dumasar :
1).    Pamarekan Struktural
Dina Pupujian, pamarékan struktural nyangking :
Ø  Téma               : Téma tina éta pupujian téh nya éta ibadah ka gusti Allah SWT
   Solat anu alus na mah dikerjakeun sacara berjamaah.         
Ø  Basana             : Basa anu digunakeun nya éta basa sunda jeung kapangaruhan
  ku basa arab katiten dina rumpaka muslimin muslimat.
Ø  Gaya                : gaya basana 
Ø  Wirahma          : pupujian téh baris karasa upama digalindengkeun jeung
     basana murwakanti katiten dina rumpaka
Éling-éling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah
Solat asar
Estu kawajiban
Urang keur di dunya
Kanggo pibekeleun
Urang diaherat

Ø  Diksi                : Diksi atawa pamilihan kecap dina éta pupujian nya éta basana
  ngagunakeun kecap-kecap nu miboga harti sangkan ngajak
  umat manusa ngaksankeun solat berjamaah sabab loba keneh  
  ganjaran na.
Ø  Amanat           : Amanat dina ieu pupujian nya éta urang téh kudu bener-bener
  dina ngalaksanakeun ibadah, tong sok di engké-engké jeung
  kudu khusu.

2).    Pamarekan Ekspresif
Ditingal tina pamarekan ékspresif, pupujian ieu dijieunna ku jalma anu boga pangaweruh ti nu lian, terus digunakeun ku saha wae sangkan jalma nu ngahaleangkeun  ieu pupujian bisa nyaho arti kahirupan..

3).    Pamarekan Pragmatik
Ditingal tina pamarekan pragmatik, pupujian ieu bisa mangaruhan kana nu maca jeung nu ngaregepkeun dina hal ngalaksanakeun solat leuwih alus sacara berjamaah sabab ganjaran 27 kali leuwih loba ti batan solat sorangan.

4).    Pamarekan Mimetik
Ditingal tina pamarekan mimetik, pupujian ieu aya dina jaman kadieukeun.

5).    Pamarekan sosiologi sastra
Ditingal tina sosiologi sastra, pupujian ieu panginten tadina mah ngan di
pake ku sababaraha jelema jeung dipakena gé terbatas tapi ayeuna geus jadi sunah yén urang téh kudu ngalaksankeun solat sacara berjamaah pahala na leuwih gede.

WANGENAN SISINDIRAN


SISINDIRAN
Sisindiran teh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu di balibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung eta, dina sastra sunda anu disebut sisindiran teh nya eta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun the dibungkus ku cangkangna.
Wangunan sisindiran teh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran teh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
  1. Rarakitan
Rarakitan nya eta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Eta cangkang jeung eusi teh padapapak di puhuna ( mindoan kawit). Salian ti eta, antra cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas nu aya dina sisindiran mah nya eta laraswekas anu kaselang heula, siga pocorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu popular the rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisn ; dua cangkang jeung dua deui eusina.
Conto rarakitan
Mun teu tulus ka paseukna,
Ka pancirna oge hade,
Mun teu tulus ka lanceukn ,
Ka adina oge hade.
Analisis
Rarakitan diluhur di wangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, dimimitian ku kecap mun, saru jeung padalisan kahiji dina eusi.padalisan kadua dina cangkang dimimitian ku kecap ka,sarua jeung padalisan kadua dina eusi. Hartina, cangkang jeung eusi teh padapapak puhuna saperti rakit nu matak di sebut rarakitan. Bisa oge disebutkeun, cangkang jeung eusi teh mangrupa purwakanti mindoan kawit. 
Ayeuna tangetan engang panungtungna. Engang panungtung padalisan kahiji dina cangkang ny eta nu murwakanti jeung engang panungtung padalisan kahiji dina eusi. Engang panungtung padalisan kadua dina eusi.
Jumlah engangna dina unggal padalisan aya padalisan aya dalapan engang geura urang rucat hiji-hiji:
Mun-teu-tu-lus-ka-pa-seuk-na (8 engang)
Ka-pan-cir-na-o-ge-ha-de                    (8 engang)
Mun-teu-tu-lus-ka-lan-ceuk-na           (8 engang)
Ka-a-di-na-o-ge-ha-de                                    (8 engang)
Ditilik tina eusina, rarakitan teh bisa di golongkeun kana tilu golongan nya eta rarakitan silihasih, piwuruk, jeung sesebred.
  1. Paparikan
Kecap paparikan asalna tina kecap parek nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna papariakan teh meh sarimbag jeung rarakitan. Bedana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit). Tapi ukur deukeut sorana, sarta murwakanti dina unggal padalisanna (murwakanti laraswekas). Lebah jumlah padalisan dina sapadana jeung rarakitan,
Tangetan conto paparikan di handap!
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun.
Mun bogoh montog ka semah,
Ari anggang sok leungiteun.
Analis
Papariakan di luhur diwangun ku opat padalisan: dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui padalisan kadua dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kadua dina eusi. Sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, murwakanti jeung sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, kitu deui sora panungtung padalisan kadua dina cangkang, murwakanti jeung sora panungtung padalisan kadua dina eusi.
  1. Wawangsalan
Wawangsalan the nya eta karangan anu di wangun ku sindir jeug eusi. Dina sindir di wangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu di jieun wangsalna teh tara di tetelakeun. Kudu di teangan tina bagian eusi tea.
angetan conto wawangsalan di handap!
Teu beunang di situ lembur,
Teu beunang di ulah-ulah.
Dina wawangsalan anu disebut cangkang teh padalisan kahiji, ari eusina padalisan kadua. Dina conto di luhur, aya kecap situ lembur dina cangkangna. Naon ari situ lembur teh? Jawabanana kudu diteangan dina eusina. Dina eusi aya kecap di ulah-ulah. Teangan kecap anu deukeut jeung di ulah-ulah nu mangrupa jawaban kana situ lembur. Tangtu bae lain balong jeung empang, sabab duanana oge henteu murwakanti jeung kecap diulah-ulah. Anu murwakanti mah nya eta kulah.

WANGENAN KAKAWIHAN


KAKAW IHAN
Kakawihan disebut oge kawih murangkalih atawa kakawihan barudak, sabab biasa dikawihkeun ku barudak. Umumna kakawihan raket patalina jeung kaulianan barudak.
Istilah kakawihan teh saenyana mah mangrupa istilah seni sora. Upamana ayeuna jadi ulikan sastra, lantaran umumna rumpaka kakawihan mangrupa puisi (buhun): ngandung wirahma, murwakanti, sarta kauger ku cirri-ciri puisi liana.
Kakawihan teh mangrupa karya balarea, hartina henteu kanyahoan saha anu ngarangna. Sumeberna tatalepa sacara lisan.
Tadi geus disebutkeun, yen yen kakawihan teh raket pisan patalina jeung kaulinan barudak. Upamana bae dina ucing-ucingan. Memeh prung teh , nangtukeun ucingna hompimpah heula anu dikawihkeun, unina:
Hompimpah alaikum gambreng,
Ma Ijah make baju gombreng.
Kakawihan teh eusina rupa-rupa, sawareh aya nu patali jeung alam atawa mahluk hirup sejenna. Upamana pasosore keur arulin, nenjo kalong hiber, ngong kakawihan, unina:
Kalongking kalongking,
Bapa sia Utah ngising,
Dibura ku madu kucing,
Madu kucing meunang maling.
Reup peuting, bulan nembongan. Ngong deui barudak karakawihan:
Bulantok bulantok,
Menta uyah sabatok.
Atawa:
Bulantok bulantok,
Bulan gede bulan montok,
Moncorong sagede batok.
Upama keur arulin, breg hujan. Ngong deui kakawihan, anu cenah pikeun ngaraatkeun hujan. Kakawihanana:
Trang trang kolentrang,
Si londok paeh nundutan,
Mesat gobang kabuyutan,
Tikusruk kana durukan,
Nyeh prot, nyeh prot.
Analisis kakawihan ngagunakeun pamarekan structural nyangking kana:
·         Tema
Kakawihan ieu ngeunaan alam atawa makhluk hirup sejenna. Basa dina kakawihan ieu teh ngagunakeun basa sunda.
·         Wirahma
Di tembangkeun dina rupa lagu nu beda-beda
·         Diksi
Eusi diksi ieu ngebrehkeun yen nu ngarana kakawihan teh zaman baheula mah di pake nalika keur alrulin di buruan bri resep tur ngriung bari nyanghujar.
·         Amanat
Amanat kakawihan di luhur nya eta, urang salaku manusa anu hirup kumbuh di suku sunda khususna kudu reueus tur kudu ngamumule hasil cipta karya buhun anu kalintang hadean lian ti eta kakawihan miboga ajen anu sifatna atikan keur jalma rea khusna masarakat sunda.
·         Ajen kamasarakatan
Masarakat nu kakawihan ieu masarakat sunda khususna. Biasana di kalangan barudak leutik anu miboga sifat social bari di arulnkeun tapi lain ngansaukur di lagukeun tapi aya nasehat keur urang balarea khususna urang sunda sangkan kakawihan ieu teu bisa di gantikeun tur hirup salila aya alam jagat raya.
·         Kamekaran 
Nepi ka ayeuna oge nu ngarana kakawihan teh mangrupakeun wujud budaya anu miboga unsur kaendahan miboga unsur atikan. Husus na di lembur kuring kakawihan ieu masih keneh di lagukeun boh ku budak leutik ku kolot ku rumaja rumaja biasa na bari cingogo di buruan imah.



Wangenan Pupujian


PUPUJIAN
Allahumma soli wasalim ala
Saidina wamaulana Muhammadin
Abada ma fililmilahi solatan
Daimatan bidawatil isolatan

Dawuh nabi ari dina pakuburan
Eta pasti nalangsa sababa sorangan
Sareng deuih di kubur teh langkung poek
Nu nyaang di kubur ku maos Qur’an
Analisis pupujian ngagunakeun pamarekan stukutral nyangking kana:
·         Tema
Pupujian ieu ngeunaan ngingetan yen maot teh pasti tumiba
Basa dina pupujian ieu téh ngagunakeun basa Arab jeung basa Sunda.
·         Wirahma
Ditembangkeun dina rupa-rupa lagu nu béda-béda.
·         Diksi
Eusi pupujian ieu ngébréhkeun ka keueung di alam kubur nu nyaangan iwal solat jeung ngadu’a tur ngalakukeun kahadean.
·         Amanat
Amanat pupujian ieu nya éta, urang salaku manusa anu ngagem agama islam urang kudu migawe kahadean sabab sagala nu di pigawe eta di pertanggung jawabkeun engke di aherat.
·         Ajén Kamasarakatan
Masarakat nu pupujisn ieu, masarakat nu ngagem agama islam tur mere nasehat keur umat sangkan daek ibadah jeung amal soleh sarta nyingkahan masiat.
·         Kamekaranna
Népi ka ayeuna ogé pupujian ieu téh masih kénéh ditembangkeun. Hususna dilembur kuring. Pupujian ieu biasana ditembangkeun ku budak leutik jeung para sepuh,budak ngora jeung jelema kolot di masjid, bari nungguaan adan solat.

Pupujian

Robana ya, Robanna
Dolamna angfusana
Wailam takbirlan
Watarhamna lana kunana
Minalhosirin

Pangeran abdi duh Pangeran abdikana
Abdi dolim ka awak abdi
Mun gusti teu ngahampura
Kana dosa jisim abdi 2x
Abdi janten jalmi rugi 2x
Janten jalmi rugi
Analisis pupujian ngagunakeun pamarekan stukutral nyangking kana:
·         Tema
Pupujian ieu ngeunaan Doa jeung tobat ka Gusti Allah SWT.
Basa dina pupujian ieu téh ngagunakeun basa Arab jeung basa Sunda.
·         Wirahma
Ditembangkeun dina rupa-rupa lagu nu béda-béda.
·         Diksi
Eusi pupujian ieu ngébréhkeun jalma anu kaduhung lantaran paripolah na teu saluyu jeung aturan agama lian ti eta ieu pupujian teh jalma nu ngaharep panghampura tinu maha kawasa.
·         Amanat pupujian ieu nya éta, urang salaku manusa anu ngagem agama islam urang kudu migawe kahadean sabab sagala nu di pigawe eta di pertanggung jawabkeun engke di aherat.
·         Ajén Kamasarakatan
Masarakat nu pupujisn ieu, masarakat nu ngagem agama islam tur mere nasehat keur umat sangkan daek ibadah jeung amal soleh sarta nyingkahan masiat sarta tobat ka Gusti Allah SWT.
·         Kamekaranna
Népi ka ayeuna ogé pupujian ieu téh masih kénéh ditembangkeun. Hususna dilembur kuring. Pupujian ieu biasana ditembangkeun ku budak leutik jeung para sepuh,budak ngora jeung jelema kolot di masjid, bari nungguaan adan solat.