Karawang teh nyaeta kabupaten anu aya di
Jawa Barat nu baheulana mimiti di pingpin ku Adipati Kertabumi IV atawa sok
disebut Singaperbangsa, wilayahna aya di beulah kaler Jawa, sok di sebut oge wilayah
pantura. Pakasaban masarakatna lolobana jadi patani lantaran daerahna anu
seueur ku sawah-sawah, bahasana ngagunakeun basa Sunda tapi aya oge di sabagean
tempat anu ngagunakeun basa Jawa nya eta daerah Cilamaya, malah aya oge nu
ngagunakeun basa betawi, nya eta di daerah Batujaya sareng Pakisjaya. Kasenian
anu aya di wewengkon karawang ano ka sohor nya eta jaipong topeng sareng
wayang golek, Aya oge nu terkenal tina laguna nyaeta “Goyang Karawang”.
Aya oge bukti sajarahna diantarana Candi
Batujaya anu mangrupa bukti ayana agama Buda di Karawang baheulana. Ieu candi
the teu make hiasan, jadi tangtu leuwih kolot tibatan Candi Borobudur jeung
Loro Jongrang (Ekadjati, 2006:28). Kapanggihna ku Dinas Purbakala taun 1952.
Bahan campuran pikeun nyieun batu bata dina Candi Batujaya teh nya eta huut
badag, didinya tos jadi gambaran yen melak pare tos aya ti jaman harita keneh
nu mantakan Karawang lega sawahna.
Karawang baheula jeung karawang ayeuna beda
pisan dina kahirupanana, basa Sunda nu dipake kasarna wungkul,
daerah sawahna nu tadina upluk aplak satungtung deuleu kiwari geus robah jlug –
jleg robah jadi pabrik atawa perumahan. Lantaran kitu ayeuna Karawang teh
disebutna oge “Kota industry”. karawang tempatna strategis pikeun usaha
kusabab deukeut jeung ibukota “Jakarta”, Bandung, daerah Jawa, jeung kota
nu gede sejena, jalur transportasina oge strategis pikeun transportasi
kaditu kadieu. Ayeuna barudak laleutik nu aya di Karawang seuseurna ngagunakeun
basa Sunda anu kasar, aya oge anu teu apal kana basa Sunda.
Naon atuh nu nyababkeun jadi kitu teh?
Aya sababaraha faktor anu nyababkeun eta
diantarana: loba masarakat pandatang anu cicing di karawang, kurangna kasadaran
masarakat yen basa Sunda teh penting sebagai jati diri urang Sunda contona aya
oge kolot anu teu ngajarkeun basa Sunda ka budakna padahal indung jeung bapana
teh urang Sunda, nganggap yen basa Sunda teh teu gaul atawa basa urang lembur
tur kampungan. Lain basana wungkul tapi kaulinan barudakna oge tos mulai
leungit di karawang teh.
Lamun basa Sunda di Karawang teu aya
parobahan wae kitu pasti beuki lila beuki teu aya eta basa Sunda di Karawang
teh. Bisa jadi nepikeun ka 50 taun ka hareup anak incu urang moal
bisa kana basa sunda . jadi urang Sunda anu dilahirkeun di daerah Sunda,
katurunan ti Sunda, tapi teu bisa basa Sunda atawa leuwih parahna bakal naros
“naon ari Sunda teh?” Sim kuring embung nepikeun ka kitu kajadiana.
Tibatan engke kajadiana kitu hayu urang
ayeuna sami-sami mekarkeun basa Sunda anu jadi jati diri urang Sunda, nu jadi
basa Indung (basa nu diturunkeun ku kolot urang). Tong era ngagunakeun basa
Sunda sabab basa Sunda teh tos jadi jati diri. Lamun urang teu ngagunakeun basa
Sunda berarti urang the tos ngaleungitkeun jati diri urang sorangan. Sabab
lamun leungit budayana tangtu bakal leungit oge suku bangsana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar