Sabtu, 30 November 2013

Wangenan jeung Conto Dongéng Sunda

Dongéng nya éta salasahiji karya sastra buhun ngeunaan caritaan rahayat atawa kolot jaman baheula ku cara tatalépa boh caritana fiktif atawa kanyataan anu ngandung pesen ti anu nyarita sarta diwariskeun sacara lisan jeung biasana sok dipaké ku kolot pikeun maturan budak anu keur di pépéndé, hartina sumebarna dongéng téh ku cara lisan. Rusyana (1978) nétélakeun yén carita rayat téh hasil karya sastra buhun winangun lisan, sumebarna sacara turun-tumurun di masarakat.
Di tatar Sunda, dongéng téh lain saukur caritaan tapi aya dongéng-dongéng sasakala anu biasana sok dijadikeun kapercayaan ku masarakat. Saperti dongeng anu aya patalina jeung gumelarna patempatan contona dongéng “Sasakala Curug Santri” ti wewengkon Karawang. Dongéng di tatar Sunda téh biasana sok réa vérsina. Sok sanajan dongéng teh lolobana anu sifatna fiksi (bohong) jeung sok teu apal saha pangarangna, tapi bisa ogé dijadikeun bahan pikeun panalungtikan sajarah. Hal ieu luyu jeung pamadegan Iskandarwassid  anu nétélakeun saperti ieu di handap.
“Dongéng atawa carita rahayat atawa carita balaréa nya éta warnaning carita heubeul anu sumebar di masarakat, tatalépa ku cara lisan, bari teu kanyahoan saha pangarangna (anonym). kulantaran sumebarna lisan bisa jadi ngalaman rupa-rupa raéhan (ngurangan, nambahan) sarta bisa jadi nimbulkeun vérsi”.
Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda (LBSS), dongéng nya éta carita baheula lolobana pikeun barudak, biasana loba pamohalan. Salian ti éta dumasar Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2009), dongéng nya éta babad beunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina.
Anu jadi palaku dina dongéng mah bisa saha waé, bisa manusa, tatangkalan, sasatoan, gunung, jin, siluman-siluman, jsb. Wangun dongéng dumasar kana eusina nya éta dongéng jelema biasa, sasatoan (fabel), dongéng sasakala, dongéng babad, dongéng-dongéng paranabi atawa wali, dongéng pieunteungeun, jeung dongéng pamuk. Eusi tina dongéng sacara umum miboga ajén moral, upamana lamun urang hayang meunangkeun anu dipikahayang tangtuna waé kudu dibarengan ku usaha, aya ogé anu ngajarkeun kumaha hirup anu bener jeung kumaha anu salah, sangkan anu didongéngkeun téh miboga ajén dina kahirupanana.
Barudak ayeuna leuwih wanoh téh kana Spongebobs atawa Doraémon tibatan ka si Kabayan, lantaran kolotna geus tara ngadongéngkeun deui carita éta ka budakna. Padahal baheula mah, barudak sok didongéngan saméméh saré téh ku kolotna sewang-sewangan. Tapi ayeuna mah barudak saméméh saré téh dibaturan héla ku hapé, tipi, radio, atawa alat éléktronik anu lian. Acara-acara di tipi ayeuna mah lolobana lain keur acara anu ngadidik barudak. Padahal ari dina dongéng mah barudak téh dialajar kana tokoh atawa naon waé anu aya dina éta dongéng. Ku kituna, urang Sunda téh kudu apal tur bisa ngamumulé dongéng ku cara  ngayakeun panalungtikan jeung néangan dongéng-dongéng anyar anu aya diunggal wewengkon pikeun bahan bacaeun jeung rujukan pangajaran disakola sarta masarakat anu kiwari geus pada teu arapal tur naringgalkeun kana dongéng anu aya di tatar Sunda ieu, sabab saupama ku barudak ayeuna geus teu dicaritakeun deui ka generasi panerusna tangtu dongéng anu aya di tatar Sunda ieu téh bakal leungit.
Sabenerna barudak disakola geus dialajar ngeunaan dongéng. tapi ngan apal kana naon-naon babagian tina dongéng jeung naon anu disebut dongéng, katambah barudak téh biasana ngan apal kana dongéng “Tangkuban Parahu” atawa “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet” wungkul, nalika ditanya ngeunaan dongéng anu aya di wewengkonna sorangan barudak téh sok teu arapaleun. Ieu téh mangrupa tanda yén dongéng anu aya di tatar Sunda bakal leungit saupama teu ka wariskeun ka anak incu. Naha bakal musna kitu ieu dongéng téh bareng jeung jaman anu modéren? Saupama dongéng téh teu diwariskeun ka anak jeung incu tangtu waé barudak ayeuna kahareupna bakal moal apal kana dongéng wewengkon sorangan.
Conto dongéng ti wewengkon Karawang:
Sasakala Kaliwedi
            Kacaritakeun ti Beulah kalér taneuh pasundan, aya anu ngarana Jaka Awang. Jaka Awang téh kaasup hiji lalaki langit lalanang jagad sakti manggulang-mangguling (taina ogé teu teurak digegel anjing).
            Jaka keur néangan adina nu ngarana nyi Arum, singhoréng éta nyi Arum téh keur di rapalan jeung Wedi. Nya éta, hiji lalaki anu kasép anu hayang gancang beunghar ku jalan usaha anu salah ku cara anjeunna muja ka Ratu Siluman Hileud.
           Wedi jeung nyi Arum geus di rapalan ku Lebé, nunjukkeun yén nyi Arum téh geus sah jadi pamajikanna Wedi.
            Waktu geus nincak ka peuting, kadengé sora nyi Arum pangantén anyar keur ocon silih cabak, silih toél jeung salakina. Bangun nu bungah pisan katingalina, kitu deui Wedi. Wedi hayang nunjukkeun ka nyi Arum yén dirina téh hiji lalaki pajantan tangguh. Ngan, nalika rék narima pambuktian ti Wedi salaku salakina anu pajantan tangguh, nyi Arum reuwas. Yén, éta salakina téh geus salin jinis jadi hileud anu sakitu gedéna. Nyi Arum ngagorowok ménta tulung ka nu jadi lanceukna.
“kang Jaka … tulungan … aya hileud kasur, gedé pisan kang. Duh … akang teu kuat buluna matak gararéték jeung lalinu kieu karasana akang.”
            Nyi Arum ceurik kasieunan. “LEP” éta hileud neleg awakna nyi Arum. Saeutik … saeutik … “LEP” deui éta hileud neleg awakna nyi Arum. Ngan, dina sésa-sésa tanagana nyi Arum ngagorowok deui ménta tulung ka lanceukna.
“akang … tulungan … ayeuna mah geus abus sapotong akang.”
      Jaka ngadéngé adina ménta tulung tuluy lumpat ngbelesat ngudag asal sora bari ngagorowok “naon anu geus asup sapotong téh Arum?” ngan sajorélat, Jaka geus aya di jero kamarna Arum. Katingali ku manéhna, yén éta adina téh awakna geus abus sapotong kana jero beuteung éta hileud anu sakitu gedéna.
“tong sambat kaniaya sia, wani-wani ngarogahala adi aing, aing anu disanghareupannana.” Ceuk Jaka bari nalapung éta hileud nepi ka mecleng ragrag di walungan anu leutik, anu biasa ogé disebut kali. “geleberrr …” Jaka tuluy hiber ngudag nyi Arum anu mecleng leupas ti jero beuteung éta hileud.
            Nyi Arum ceurik, ningali éta hileud anu pikasieuneun téh saeutik … saeutik … salin jinis deui jadi Wedi salakina. Nyi Arum ngomong bari ceurik ka lanceukna “atos akang … atos. Kitu-kitu ogé salaki kuring akang” ceuk nyi Arum bari ceurik teu eureun-eureun nyeungceurikan éta layon salakina anu geus nyokot jalan anu salah dina hirupna. Nya éta, anjeunna muja ka Ratu Siluman Hileud. Nyi Arum ngagerentes bari ceurik dina jero haténa.
“kang Wedi … akang … da ari nu bener mah muja téh sanés ka siluman akang, tapi nu bener mah muja téh kudu ka gusti Allah akang.” Nyi Arum teu eureun-eureun nyeungceurikan éta layon salakina.
         Tah ceuk ujaring carita, éta walungan nu pikasieuneun tempat paéhna hileud gedé téh ayeuna mah geus jadi KALIWEDI, ari cipanon nyi Arum nu teu eureun-eureun nyeungceurikan éta layon salakina téh ayeuna mah geus jadi walungan CITARUM, ngan ari ngaran Jaka Awang mah mibogaan harti sorangan, nya éta JAJAKA ASAL KARAWANG. Tah kukituna dugikeun ka ayeuna di Karawang mah aya ngaran hiji lembur jeung walungan anu ngarana KALIWEDI jeung CITARUM.   

Daptar Pustaka
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung. PT Kiblat
Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah sastra. Bandung: CV. Geger Sunten.
LBSS. (1990). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.


Rusyana, Yus. (1978). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar