Jumat, 09 Desember 2011

PUPUH DANGDANGGULA


Dangdanggula

Kota tasik anu eunggeus resik
Matak betah semah anu datang
Resep pisan anu nenjo
Komo mun belah kidul
Matak waas anu ningali
Pasawahan nu lega
Deukeut suku gunung
Tempat  jadi pangulinan
Matak betah ka sakur anu arulin
Kitu ge nu nganjangna

Susunan Acara Nikah


Susunan acara nikah:
1.      Bubuka
2.      Seserahan
3.      Panampilan seserahan
4.      Pangumuman KUA
5.      Khutbah Nikah
6.      Akad Nikah
7.      Papasrahan panganten istri ka carogena
8.      Panampian panganten istri ka carogena
9.      Panutup

Protokol/nu ngatur acara mimiti muka acara

Bismillahirrohmanirrohim
Assalamualaikum  wr.wb

Kalayan nyebat asma Allah SWT. Anu Maha Welas sareng Maha Asih dilajeungkeun muji syukur ka Mantenna, sim kuring ngawitan muka ieu acara.
Kalayan asmana nu kagungan maksad hajat, Bapa miwah Ibu Budiman sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tamu rombongan calon panganten pameget; mangga sadayana dihaturannan linggih.
......kalihna ti et ngahaturkeun nuhun ka para ibu, para bapa saderek tatamu anu sanesna, wireh parantos kersa sumping, nyumponan pangulema nu kagungan maksad hajat, dupi maksadna nu mawi sadayana digingsir linggih teh rehing putrana nu istri wasta Neng ........... bade ditikahkeun ka Ujang ................. anu ayeuna kaleresan parantos sumping. Teu aya sanes anu kasuhun, pangdu’ana ti sadayana, supados dina laki-rabna teh ginanjar rohmat Pangeran.
Peryogi kauninga , runtuyan acara dina raraga upacara walimatul urusy atanapi akad Nikah teh, nya eta :

(Susunan acara disebutkeun)

     Pedarannana:
     Para Bapa, para Ibu, para wargi nu sami hadir, acara ka-1 bubuka parantos rengse, salajengna diteraskeun kana acara ka-2 nya seserahan. Acara ieu dihaturkeun ka calon panganten pameget, mangga nyanggakeun dihaturannan ka wawakil ti calon panganten pameget:

 Ti panganten pameget :

Bismillahirrohmanirrohim
Alhamdulillahirobbil’alamin, wabiinastainu’ala umurid dunya wadin, wa’ala alaihin wa shohbihi ajma’in. Asyahadu ala ilahailalloh, wa asyahadu anna muhammadarrosullilloh...
                                             
Amma ba’du
Bapa miwah ibu ......... rawuh wargi sami hadir, sepuhna anomna, istri sinareng pameget , kum sadayana, panganpunten nyuhunkeun widi tina galih anu wening, neda jmebar tina manah anu setra, rehing ieu aya nu bade kapiunjuk. Mung nya kitu, mugi agung cukup lumur neda jembar hapuntenna, sarehna sasanggem sabelong bentor, tuna tina subasita, kawantos sanes ahlina.
     Kawakilan ku bapa rawuh ibu ... miwah para kanca sadaya ieu anu sami dongkap ti ..... kadieu, nyanggakeun sewu-sewu nuhun laksa keti kabingahan, sarehna bapa miwah ibu ... sareng para wargi didieu parantos sami luntur kalbu nampi ieu rombongan; estu abot nyuhun abot nanggu g abot narimakeunana, wireh sim kuring saparakanca dongkap teh wungkul matak sesah bae, matak ngaheurinan bae.
     Dupi pangna dongkap kantenan aya pisan nu dipimaksad ka pangkon bapa miwah ibu ... teh. Nya eta seja nyambug saur nu kapungkur, mapay subaya tiheula , nyungsi jangji pasini bihari. Sapertos anu kauninga ku sadayana, pun anak wasta pun ........... sawatara waktos kapengker parantos ngadugikeun pangalaman ka tuang putra jenengan neng....... kalayan eta panglamar teh ditampi ku jinisna tur dirujukan ku sepuhna, ku ibu miwah ramana.

Nya dina danget ieu pisan sim kuring kalayan asmana Bapa sareng Ibu ................................ seja masrahkeun pun anak Jang ......... Ka neng........... diwuwuhan dirujukan enggal-enggal ditikahkeun katuang putra.

     Iwal ti eta, sok sanaos kalintang isin ajrihna wireh tebih ti utami, tamb leumpang keupat eundang tambah isin ngaduheusan, gaduh babantuanan tawis hatur lumayan bae, duka encit sacewir duka jarum sapotong, pecah belah lalab sadongkapeun. Ieu mah mung awis kabingan sareng kaweningan tati ti sadayana kulawrgi panganten ibu....... pameget bae.

     Bae, awahing ku bingah sareng panduk, reh seuweuna bris gaduh batur hidup, geusan paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Sanaos teu aya tinggaleunana hoyong ditampi.
     Salajengna nneda Gusti Nu Maha Suci, mugi-mugi Ibu miwah bapa dina Salebeting kagungan damel, lunsur-langsar beres-roes. Teu aya sinareng kieu. Atuh anu ditikahkeun mugi-mugi lambat-lambat runtut-raut, lulus-bangsul, panjang punjung, luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna.

     Hatur nuhun
Wassalamualaikum wr.wb.

Rengse papasrahan ti pihak calon panganten pameget, wireh parantos nuanggakeun calon panganten pameget diwuwuhan ku cacandakan ka pihak calon panganten istri.

     Acara salajeungna mangrupi acara panampian seuseurahb dihaturkeun ka pihak pribumi mangga dihaturanan.
Ti panganten istri:
Bismillahirohmanirrohim
Alhamdulillahirobbil’alamin, wabiinastainu’ala umurid dunya wadin, wa’ala alaihin wa shohbihi ajma’in. Asyahadu ala ilahailalloh, wa asyahadu anna muhammadarrosullilloh...
                                             
Amma ba’du

Bapa miwah ibu .......... sinareng para wargi anu sami kempel ayeuna didieu, sim kuring kalayan asmana Bapa ...................... Jaler istri, nyanggakeun haturan sumping disarengan.

     Laksa keti kabingahan. Kawuwuh sarumping teh bari nyandak pipanganteneun pameget jang................... nya ieu pisan sasatna anu diajeng-ajeng siang kalayan wengi oge, lajeng ayeuna dipasrahkeun pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kalyan kasangga kalingga murda, binarung bingah amarwata suta, bingah nu taya hinnggana.

     Kitu deui cacandakanana, sanaos heunteu diantos-antos da ayeuna mah parantos aya disanggakeun, ieu oge ditampi pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kalayan kasangga kalingga murda, binarung bingah amarwata suta, bingah nu teu aya hinggana.

     Sawangsulna mugi ageung sih hapunten kana sagala kakirangan sareng kajanggalanana dina ieu panampian para wargi anu sumping, boh sipatna boh carana, tata sinareng basan, anu matak ngajaheutkeun mamanahan.

     Kitu deui jamuannana anu sangeut sakadarna pisan lebih tina kautamian. Mugi ulah kirang-kirang ngahapunten, kawantos sanes pisan kirang upami, nanging kumaha da mung sakieu nya kaayaan.
     Pamungkasing pihatur, sami-sami neneda, mugi-mugi paneja barudak anu bade jatukrami miwah pamaksadan sepuhna sadaya diijabah ku Alloh anu sipat rohman rohim, lulus banglus, langsar-lungsur, beres reos laksana tanpa kuciwa.

Hatur nuhun

Wassalamualaikum wr.wb.

Para wargi sadaya nembeku urang sadayana parantos kasaksen panampilan seuseurahan ku pihak panganten istri. Hatur nuhun. Salajengna, saluyu sareng runtuyan acara anu tadi ku sim kuring parantos didugikeun, ayeuna dugi kana acara ka-4 nya eta pangumuman KUA. Kumargi kitu Bapa patugas Kua dihaturanan, kanggo ngadugikeun sagala rupi hal tugas Kua, anu aya patalina sareng upacara nikahan ieu. Mangga nyanggakeun.

Selasa, 06 Desember 2011

Bendungan Walahar


Bendungan Walahar


Bendungan Walahar anu aya di Desa Walahar Kec. Ciampel, Karawang ayana ti 30 Nopember 1925. Dijieuna ti mangsa panjajahan Walanda ku para pribumi.katingali pisan tina arsitektur bangunanna oge nu khas Walanda. Gedena kirang langkung  87.507 ha anu fungsina pikeun ngatur debit jeung sirkulasi cai di sawah. Matak urang Walanda mah katelahna ogé jago dina masalah perairan, pan bendungan éta téh caina ngabagi deui ka anak-anak walungan anu nyebar ka penjuru Karawang.
Éta jadi saksi yén  peradaban walungan nu aya di Karawang ayeuna tos barobah anu baheulana Citarum téh dipaké pikeun transportasi jeung dagang ku Walanda kusabab ti darat mah resikona leuwih gedé ayeuna ngan dipaké ukur nyaian irigasi sawah. Ayeuna mah geus jadi tempat wisata kuliner ku masarakat didinya jeung nu di luar karawang.

Senin, 05 Desember 2011

FILSAFAT BUDAYA SUNDA “UPACARA ADAT PANGANTENAN”


FILSAFAT BUDAYA SUNDA
“UPACARA ADAT PANGANTENAN”

A.      Bubuka.

Saacan urang ngaguar leuwih spesifik deui ngeunaan filsafat budaya sunda ngeunaan upacara adat pangantenan, hayu urang uihan deui kana naon wangenan élmu filsafat téh, sarta naon patalina antara élmu filsafat jeung budaya sunda hususna dina upacara adat pangantenan.

Filsafat téh nya éta kréasi atawa cara pandang hiji jalma/sakelompok jalma pikeun nangtukeun hiji bebeneran, ditalungtik maké disiplin élmu nu gembleng, dititénan sacara sistematis, sarta disusun dina hiji skema konsépsi anu universal. pakguruonline.pendidikan.net.

Patalina élmu filsafat jeung budaya sunda hususna upacara adat panganténan téh nya éta disababkeun yén filsafat téh aya dina gunggungan kabudayaan, kabudayaan nyalira hartosna elmu anu mesék/medar hiji kabiasaan atawa hasil ciciptan manusa anu diukur sacara sistematis anu disebut budaya téa.

Tah tidieu bisa dicindekkeun yén kabudayaan téh moal bisa leupas tina filsafat nu ngajéntrékeun budayana, sarta ajén-inajén budaya anu dipaké dina hiji kabudayaan, hususna kabudayaan sunda dina upacara adat panganténan.


B.     Filsafat dina Upacara Adat Panganténan Urang Sunda

1.      Neundeun Omong.
talatah ti pihak lalaki ka wawakilna sangkan diomongkeun ka pihak awéwé anu rék dikawinna. Ajén filsafatna didieu nya éta sangkan pihak awewe anu rek dikawin ku pihak lalaki teh nyaho, yen aya pamksadan ti pihak lalaki haying babarayaan ngahijikeun dua kulawarga jadi hiji.
2.      Lamaran.

Dilaksanakeun ku datangna kolot reujeung kulawarga ti pihak lalaki ka imah kulawarga pihak awewe bari mawa lamareun, duit, jeung papakean jang awewena, sarta cingcin. Ajen filsafatna dina ieu upacara adat lamaran teh nya eta sangkan bisa ngiket pihak awewe jeung pihak lalaki ameh dua calon salaki pamajikan teh, teu baluar-balieur deui neangan nu sejen.

3.      Seserahan.

Calon paganten lalaki mawa duit, raksukan, parabot rumah tangga, parabot dapur jeung dahareun. Ajen filsafatna nya eta ngacirikeun yen jadi salaki teh kudu nembongkeun tanggung jawabna, kudu nyukupan sagala kaperluan pamajikan jeung rumah tangga na, sangkan ngabina rumah tangga anu makmur sejahtera.




4.      Ngeuyeuk Seureuh

Dipingpin ku pangeuyeuk, dibarengan ku lagu kidung. Ajen filsafatna didieu nya eta ditingali tina prosesi dua panganten menta ijin jeung doa restu ka kolotna sangkan bisa ngawangun kulawarga anu bagja lahir batin dunia rawuh akherat. Sarta ditambahan ku papatah ti pangeuyeuk jang dua mempelai. Katambah lambang-lambang nu dipake dina ieu prosesi teh miboga ajen filosofis kasundaan anu kacida saena, saperti disawer beas sangkan hirup na sejahtera, dikeprak ku sapu nyere bari dipapatahan sangkan silih mikanyaah jeung getol digawena, muka lawon bodas panutup pangeuyek ngalambangkeun rumah tangga nu rek dipilampah ku dua mempelai masih bersih can aya kokotor, meulah jambe ngalambangkeun sangkan silih mikanyaah jeung bisa nyaluyukeun diri, jrrd.

5.         Nyieun Lungkun.

Dua lambar daun seureuh anu aya regangna keneh diteundeun pahareup-hareup. Digulung jadi hiji tuluy ditalian make benang kanteh. Dibarengan ku kolot para calon panganten jeung para tamu. Ieu prosesi teh miboga ajen filosofis sangkan jaga rejeki anu dipiboga ku eta calon panganten umpamana kaleuleuwihan bisa dibagi-bagi ka dulur-dulurna.
6.         Rebutan Duit.

Ieu prosesi teh si dua calon panganten aya di handapeun samak sabari disawer. Ajen filosofis dina ieu upacara adat teh nyaeta berlomba neangan rejeki jeung dipikanyaah ku kulawarga.

7.         Akad Nikah.

Ieu prosesi teh mangrupa acara inti tina upacara kawinan, sabab dina prosesi ieu mangrupa prosesi ngahijikeunna dua manusa, lalaki jeung awewe dina hiji kahirupan Saumur hirup. Dilambangkeun ku dikurunganna dua panganten keur prosesi ku kudung warna bodas, nu nandakeun yen bakal ngahijina dua insan dina tudung kahirupan, jeung bodas miboga harti beresih. Tuluy ajen filosofis dina prosesi akadna mah, sing saha anu geus ngaliwatan prosesi ieu berarti eta pasangan teh geus papada dewasa, siap pikeun ngawangun kahirupan duaan, geus bisa ngemban tanggung jawab ngadidik manusa (anak), jeung bisa ngahijikeun dua pamikiran anu beda sarta bisa nyaluyukeun hirup jeung batur hirupna.

8.         Sungkeman.

Ieu prosesi teh ngabogaan ajen filosofis yen saacan anak leupas salawasna tina tanggung jawab kolot manehna kudu ngadungkuk hormat sarta menta doa sangkan dina kahirupanna engke duaan sagalana bisa lungsur-langsar.

9.         Saweran.

Upacara adat ieu salawasna sering keneh dipake tepi ka ayeuna, nya eta dua panganten direndengkeun diuk dina panyaweran, tuluy dipayungan, aya juru mamaos anu nembangkeun pupuh anu eusina papatah pikeun panganten. Tah tina ieu prosesi teh nu jadi ajen filosifisna aya dina pangawur jang sawereunnana. Saperti beas, ngalambangkeun sangkan hirup serba kacukupan moal kalaparan, sabab beas mangrupa kadaharan poko urang. Koneng, ngalambangkeun emas nu mangrupa symbol kamakmuran, peremen, amis ngalambangkeun sangkan dina ngajalankeun hirup duaan teh jauh tina kasusah. Duit, mangrupa simbol kadigjayaan.

10.     Meuleum Harupat.

Panganten awewe meuleum harupat make lilin, tuluy dibanjur make cai tina kendi, tuluy harupat dipotongkeun ku panganten lalaki. Ajen filosofis dina prosesi ieu nya eta supaya panganten henteu geutas harupaten, atawa gancang putus asa.

11.     Nincak Endog.

Panganten lalaki nincak endog jeung elekan nepi ka peupeus. Tuluy dampal sukuna dikumbah ku cai kembang jeung dielap ku panganten awewe. Prosesi ieu ngalambangkeun yen pamajikan kudu salawasna ngahurmat, jeung ngalayanan salaki.

12.     Buka Pintu.

Dimimitian ku ngetok panto tilu kali, diayakeun Tanya jawab make sisindiran antara panganten awewe jeung panganten lalaki, sabada syahadat dibacakeun, panto dibuka, panganten lalaki asup tuluy ka pelaminan. Ajen filosofis anu aya dina ieu prosesi teh nya eta sangkan awewe mikanyaho kumaha carana ngabageakeun salaki lamun salaki balik ka imah.


13.     Huap Lingkung.

Nya eta pabedol-bedol bakakak, sanggeus meulah jadi dua silih huapan. Ngalambangkeun sangkan dina hirup paduduaan teh kudu silih mikaasih, mikanyaah jeung babagi boh lahirna, boh batinna.


C.     Kacindekan

Tos katingali ku urang sadayana, yen dina budaya prosesi upacara adat pangantenan urang sunda teh seueur pisan titincakanna, ti mimiti neundeun omong, nepi ka huap lingkung. Eta sakabeh prosesi teh teu ngan saukur  prosesi adat titinggal karuhun wungkul, tapi miboga ajen-ajen filosofis anu luhung.
Ieu kabudayaan teh jaman kiwari mah geus jarang aya nu make, ngan sabagean masarakat wungkul nu make sakabeh prosesi upacara kawinan nu dijentrekeun di luhur.
Kalolobaanna jaman kiwari masarakat sunda ngan make prosesi adat lamaran, seserahan, akad nikah, jeung saweran hungkul. Teu saeutik oge masarakat sunda nu teu make upacara adat pangantenan kasundaan sabab geus loba dipangaruhan ku budaya bangsa kulon.
Tungtung catur ti panulis, terus mumule budaya urang sunda, sangkan jati teu kasilih ku junti.













D.    DAFTAR PUSTAKA

Bottom of Form