Sabtu, 30 November 2013

PUISI AURORA DIATAS AWAN

AURORA DI ATAS AWAN

Aurora,
Sepasang mata menatap indah
Tarian bintang di atas awan
Aurora,
Tak henti menyoroti
Sudut gelap mata semesta
Aurora,
Menggerakan bumi
Setia pada matahari
Aurora,
Lembayung di senja
Berelegi dibalik embun pagi

EPS (IU 2911)

Wangenan jeung Conto Dongéng Sunda

Dongéng nya éta salasahiji karya sastra buhun ngeunaan caritaan rahayat atawa kolot jaman baheula ku cara tatalépa boh caritana fiktif atawa kanyataan anu ngandung pesen ti anu nyarita sarta diwariskeun sacara lisan jeung biasana sok dipaké ku kolot pikeun maturan budak anu keur di pépéndé, hartina sumebarna dongéng téh ku cara lisan. Rusyana (1978) nétélakeun yén carita rayat téh hasil karya sastra buhun winangun lisan, sumebarna sacara turun-tumurun di masarakat.
Di tatar Sunda, dongéng téh lain saukur caritaan tapi aya dongéng-dongéng sasakala anu biasana sok dijadikeun kapercayaan ku masarakat. Saperti dongeng anu aya patalina jeung gumelarna patempatan contona dongéng “Sasakala Curug Santri” ti wewengkon Karawang. Dongéng di tatar Sunda téh biasana sok réa vérsina. Sok sanajan dongéng teh lolobana anu sifatna fiksi (bohong) jeung sok teu apal saha pangarangna, tapi bisa ogé dijadikeun bahan pikeun panalungtikan sajarah. Hal ieu luyu jeung pamadegan Iskandarwassid  anu nétélakeun saperti ieu di handap.
“Dongéng atawa carita rahayat atawa carita balaréa nya éta warnaning carita heubeul anu sumebar di masarakat, tatalépa ku cara lisan, bari teu kanyahoan saha pangarangna (anonym). kulantaran sumebarna lisan bisa jadi ngalaman rupa-rupa raéhan (ngurangan, nambahan) sarta bisa jadi nimbulkeun vérsi”.
Numutkeun Kamus Umum Basa Sunda (LBSS), dongéng nya éta carita baheula lolobana pikeun barudak, biasana loba pamohalan. Salian ti éta dumasar Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2009), dongéng nya éta babad beunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina.
Anu jadi palaku dina dongéng mah bisa saha waé, bisa manusa, tatangkalan, sasatoan, gunung, jin, siluman-siluman, jsb. Wangun dongéng dumasar kana eusina nya éta dongéng jelema biasa, sasatoan (fabel), dongéng sasakala, dongéng babad, dongéng-dongéng paranabi atawa wali, dongéng pieunteungeun, jeung dongéng pamuk. Eusi tina dongéng sacara umum miboga ajén moral, upamana lamun urang hayang meunangkeun anu dipikahayang tangtuna waé kudu dibarengan ku usaha, aya ogé anu ngajarkeun kumaha hirup anu bener jeung kumaha anu salah, sangkan anu didongéngkeun téh miboga ajén dina kahirupanana.
Barudak ayeuna leuwih wanoh téh kana Spongebobs atawa Doraémon tibatan ka si Kabayan, lantaran kolotna geus tara ngadongéngkeun deui carita éta ka budakna. Padahal baheula mah, barudak sok didongéngan saméméh saré téh ku kolotna sewang-sewangan. Tapi ayeuna mah barudak saméméh saré téh dibaturan héla ku hapé, tipi, radio, atawa alat éléktronik anu lian. Acara-acara di tipi ayeuna mah lolobana lain keur acara anu ngadidik barudak. Padahal ari dina dongéng mah barudak téh dialajar kana tokoh atawa naon waé anu aya dina éta dongéng. Ku kituna, urang Sunda téh kudu apal tur bisa ngamumulé dongéng ku cara  ngayakeun panalungtikan jeung néangan dongéng-dongéng anyar anu aya diunggal wewengkon pikeun bahan bacaeun jeung rujukan pangajaran disakola sarta masarakat anu kiwari geus pada teu arapal tur naringgalkeun kana dongéng anu aya di tatar Sunda ieu, sabab saupama ku barudak ayeuna geus teu dicaritakeun deui ka generasi panerusna tangtu dongéng anu aya di tatar Sunda ieu téh bakal leungit.
Sabenerna barudak disakola geus dialajar ngeunaan dongéng. tapi ngan apal kana naon-naon babagian tina dongéng jeung naon anu disebut dongéng, katambah barudak téh biasana ngan apal kana dongéng “Tangkuban Parahu” atawa “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet” wungkul, nalika ditanya ngeunaan dongéng anu aya di wewengkonna sorangan barudak téh sok teu arapaleun. Ieu téh mangrupa tanda yén dongéng anu aya di tatar Sunda bakal leungit saupama teu ka wariskeun ka anak incu. Naha bakal musna kitu ieu dongéng téh bareng jeung jaman anu modéren? Saupama dongéng téh teu diwariskeun ka anak jeung incu tangtu waé barudak ayeuna kahareupna bakal moal apal kana dongéng wewengkon sorangan.
Conto dongéng ti wewengkon Karawang:
Sasakala Kaliwedi
            Kacaritakeun ti Beulah kalér taneuh pasundan, aya anu ngarana Jaka Awang. Jaka Awang téh kaasup hiji lalaki langit lalanang jagad sakti manggulang-mangguling (taina ogé teu teurak digegel anjing).
            Jaka keur néangan adina nu ngarana nyi Arum, singhoréng éta nyi Arum téh keur di rapalan jeung Wedi. Nya éta, hiji lalaki anu kasép anu hayang gancang beunghar ku jalan usaha anu salah ku cara anjeunna muja ka Ratu Siluman Hileud.
           Wedi jeung nyi Arum geus di rapalan ku Lebé, nunjukkeun yén nyi Arum téh geus sah jadi pamajikanna Wedi.
            Waktu geus nincak ka peuting, kadengé sora nyi Arum pangantén anyar keur ocon silih cabak, silih toél jeung salakina. Bangun nu bungah pisan katingalina, kitu deui Wedi. Wedi hayang nunjukkeun ka nyi Arum yén dirina téh hiji lalaki pajantan tangguh. Ngan, nalika rék narima pambuktian ti Wedi salaku salakina anu pajantan tangguh, nyi Arum reuwas. Yén, éta salakina téh geus salin jinis jadi hileud anu sakitu gedéna. Nyi Arum ngagorowok ménta tulung ka nu jadi lanceukna.
“kang Jaka … tulungan … aya hileud kasur, gedé pisan kang. Duh … akang teu kuat buluna matak gararéték jeung lalinu kieu karasana akang.”
            Nyi Arum ceurik kasieunan. “LEP” éta hileud neleg awakna nyi Arum. Saeutik … saeutik … “LEP” deui éta hileud neleg awakna nyi Arum. Ngan, dina sésa-sésa tanagana nyi Arum ngagorowok deui ménta tulung ka lanceukna.
“akang … tulungan … ayeuna mah geus abus sapotong akang.”
      Jaka ngadéngé adina ménta tulung tuluy lumpat ngbelesat ngudag asal sora bari ngagorowok “naon anu geus asup sapotong téh Arum?” ngan sajorélat, Jaka geus aya di jero kamarna Arum. Katingali ku manéhna, yén éta adina téh awakna geus abus sapotong kana jero beuteung éta hileud anu sakitu gedéna.
“tong sambat kaniaya sia, wani-wani ngarogahala adi aing, aing anu disanghareupannana.” Ceuk Jaka bari nalapung éta hileud nepi ka mecleng ragrag di walungan anu leutik, anu biasa ogé disebut kali. “geleberrr …” Jaka tuluy hiber ngudag nyi Arum anu mecleng leupas ti jero beuteung éta hileud.
            Nyi Arum ceurik, ningali éta hileud anu pikasieuneun téh saeutik … saeutik … salin jinis deui jadi Wedi salakina. Nyi Arum ngomong bari ceurik ka lanceukna “atos akang … atos. Kitu-kitu ogé salaki kuring akang” ceuk nyi Arum bari ceurik teu eureun-eureun nyeungceurikan éta layon salakina anu geus nyokot jalan anu salah dina hirupna. Nya éta, anjeunna muja ka Ratu Siluman Hileud. Nyi Arum ngagerentes bari ceurik dina jero haténa.
“kang Wedi … akang … da ari nu bener mah muja téh sanés ka siluman akang, tapi nu bener mah muja téh kudu ka gusti Allah akang.” Nyi Arum teu eureun-eureun nyeungceurikan éta layon salakina.
         Tah ceuk ujaring carita, éta walungan nu pikasieuneun tempat paéhna hileud gedé téh ayeuna mah geus jadi KALIWEDI, ari cipanon nyi Arum nu teu eureun-eureun nyeungceurikan éta layon salakina téh ayeuna mah geus jadi walungan CITARUM, ngan ari ngaran Jaka Awang mah mibogaan harti sorangan, nya éta JAJAKA ASAL KARAWANG. Tah kukituna dugikeun ka ayeuna di Karawang mah aya ngaran hiji lembur jeung walungan anu ngarana KALIWEDI jeung CITARUM.   

Daptar Pustaka
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung. PT Kiblat
Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah sastra. Bandung: CV. Geger Sunten.
LBSS. (1990). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.


Rusyana, Yus. (1978). Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.

CONTOH RPP BAHASA SUNDA

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN
(RPP)

Mata Pelajaran                      : Bahasa Sunda
Kelas/semester                       : XI/ Genap
Jumlah Pertemuan                : 2 x 45 menit
Satuan Pendidikan                : SMA

STANDAR KOMPETENSI
11.2 Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara lisan dalam rapatinformasi faktualberita/pengumuman, wawancara, dan drama.
KOMPETENSI DASAR
11.2.5 Bermain peran (dramatisasi)
MATERI POKOK
Drama
INDIKATOR
a.      Kognitif
Proses
·         Membuat teks drama yang akan diperankan
·         Membaca teks drama yang akan diperankan
·         Mempelajari teks drama yang akan diperankan
·         Mengidentifikasi karakter-karakter tokoh dalam teks drama
·         Menyampaikan materi tentang drama
Produk
·         Teks drama yang akan diperankan
·         Memerankan tokoh yang ada dalam teks drama dengan memperhatikan lafal, gerak yang sesuai dengan karakter tokoh yang diperankan
·         Mengomentari bahasa dan ekspresi tokoh dalam pergelaran drama

b.      Psikomotor
Berbicara dalam memerankan drama dengan memperhatikan penggunaan bahasa Sunda yang baik, intonasi, tekanan, diksi dan pelafalan yang jelas, serta keselarasan dengan karakter yang diperankan.
c.       Sikap
Karakter
·         Jujur
·         Bersungguh-sungguh
·         Apresiatif
·         Bekerja sama
·         Sikap menghargai
·         Disiplin
·         Tanggung jawab
Keterampilan proses:
·         Membaca teks drama dengan konsentrasi
·         Mendalami karakter tokoh dengan sungguh dan konsentrasi
·         Memerankan tokoh drama dengan baik
·         Memperhatikan lafal, gerak dan ekspresi yang sesuai dengan karakter tokoh dengan baik.

A.    TUJUAN PEMBELAJARAN
a.      Kognitif
Proses
·         Siswa dapat menulis teks drama yang akan diperankan
·         Siswa dapat membaca teks drama yang akan diperankan
·         Siswa dapat mempelajari teks drama yang akan diperankan
·         Siswa dapat mengidentifikasi karakter-karakter tokoh dalam teks drama
·         Siswa dapat memerankan teks drama yang dibuat
·         Siswa dapat menyampaikan materi tentang drama
Produk
·         Teks drama yang akan diperankan
·         Memerankan tokoh yang ada dalam teks drama dengan memperhatikan lafal, gerak yang sesuai dengan karakter tokoh yang diperankan
·         Mengomentari bahasa dan ekspresi tokoh dalam pergelaran drama
b.      Psikomotor
Siswa dapat menulis teks drama serta memerankan tokoh yang ada dalam teks drama. menyimak cerita drama dengan penuh konsentrasi sehingga bisa mengapresiasi unsur-unsur drama dan karakter tokoh dalam drama dengan baik.
c.       Sikap
Karakter
·         Jujur
·         Bersungguh-sungguh
·         Apresiatif
·         Bekerja sama
·         Sikap menghargai
·         Disiplin
·         Tanggung jawab
·         Eksistensi diri
·         Potensi diri
·         Terampil

B.                 MATERI PEMBELAJARAN
1.                  Teks drama
2.                  Power point
a. Wangun karya sastra Sunda
            Wangun karya sastra Sunda aya tilu rupa, nya éta prosa, puisi, jeung drama.
Prosa nya éta karangan dina rakitan basa sapopoé, tanpa ngolah atawa ngatur intonasi anu matok; lancaran téa disebutna. Tapi dina wangun prosa sok aya oge bagian anu puitis; ayana efek puisi. Karya sastra prosa nu gelar dina mangsa heubeul, nya éta dongéng. Karya sastra prosa nu gelar dina mangsa anyar nya éta carita pondok, roman novel, jeung novellet.
Puisi nya éta karangan anu basana dirakit ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran atawa cara basa sapopoé. Puisi aya ogé nu ditulis dina wangun prosa atawa puisi prosais, nya éta puisi nu kapadetan puitisna sumebar kawas basa lancaran. Karya sastra puisi anu gelar dina mangsa heubeul, nya éta: 1) nu ngawujud carita: pantun jeung wawacan jeung 2) nu teu ngawujud carita: mantra, sisindiran, kakawihan, sair (pupujian, sawér), jeung pupuh.  Karya sastra puisi anu gelar dina mangsa anyar, nya éta: sajak.
Drama atawa carita drama nya éta karangan sastra nu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog. Parapamaénna disebut aktor. Karya sastra drama nu gelar dina mangsa heubeul, diantarana: longsér, topéng. Karya sastra drama anu gelar dina mangsa anyar, diantarana: 1) ditembangkeun/ dikawihkeun/ semi modern: gending karesmen; 2) dilalakonkeun/ modern: drama atawa téater
Anu kaasup garapan sastra dina drama nya éta naskahna, naskah drama anu jadi dadasar pintonan drama. Mémang salian ti naskah keur dipintonkeun téh, aya ogé karangan drama pikeun bacaeun anu disebut closét drama, biasana keur kapentingan drama radio. Contona drama radio “Saur Sepuh” di taun 80-90 anu malah tuluy disinétronkeun. Naskah drama biasana dibagi sababaraha babak. Unggal babak dibagi deui jadi sababaraha adegan. Pikeun ngahirupkeun suasana, panggung tempat pagelaran téh ngahaja ditata ku ahlina (disetting).
Karangan drama miboga ciri nya éta kalimah anu digunakeun lolobana ngagunakeun kalimah langsung, hartina kalimah anu dikedalkeun ku palaku. Dina drama palakuna leuwih ti saurang, gelarna paguneman téh mangrupa omongan palaku anu silitémpas.
b. Wanda Drama
Drama bisa dipasing-pasing jadi sababaraha wanda, diantarana: 1) gending karesmén jeung 2) drama modérn atawa téater 3) longsér jeung 4) topéng.
1.      Gending Karesmén
Di urang aya anu disebut gending karesmen, nya éta drama anu dialog-dialogna atawa pintonanana ngan ukur nunutur sora kasét. Upama rék mintonkeun, kasét téh kari diputer sabari dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun ku palakuna.
Karangan gending karesmén jeung pangarangna, diantarana:
-                    M. A. Salmun: Lenggang Kencana, Ken Tambuhan, Mundinglaya di Kusumah, Aria Jalak Harupat
-                    R. Memed Sastrahadiprawira: Sempalan Babad Cikundul
-                    R.A.F.: Yaomal-Qiamah, Perang Hiji Sawal di Jero Kubur
-                    R.T.A. Sunarya: Lutung Kasarung, Sangkuriang
-                    Rd. Kartabrata: Lutung Kasarung
-                    Rd. Machjar Anggakoesoemadinata: Sarkam Sarkim
-                    Sayudi: Lutung Kasarung
-                    Suriasaputra: Panjiwulung
-                    Wahyu Wibisana: Galunggung Ngadeg Tumenggung, Mundinglaya Saba Langit.
2.      Drama Modérn atawa Téater
Di Tatar Sunda kiwari, anu disebut drama modern téh nya éta drama atawa téater, anu umumna ngalalakonkeun kalakuan manusa sacara réalistis. Dina ieu pedaran urang paké istilah drama waé.
Dina drama, paguneman diucapkeun saperti biasa baé, teu dikawihkeun atawa ditembangkeun. Tapi sok aya sawatara paguneman anu dikawihkuen atawa ditembangkeun ogé, disaluyukeun jeung lalakon
Karya-karya drama jeung pangarangna, anu geus gelar dina sastra Sunda, diantarana:
-                    Ahmad Bakri: Rajapati, Lebé Kabayan
-                    Eddi Tarmidi: Ciung Wanara
-                    Enang Rokajat Assura: Méga-méga Peuray
-                    R. Hidayat Suryalaga: Tambang, Raja Wales, Pundén-pundén nu Rarempag
-                    Teddy AN Muhtadi: Pasaran
-                    Wahyu Wibisana: Tukang Asahan, Tonggérét Banén
-       Yoséph Iskandar: Juag Toéd, Tanjeur Pajajaran, Runtagna Pajajaran, Sémah, Siliwangi Maharaja Pajajaran, Dalem Cuké.
3.      Longsér
Gaya pintonan drama tradisional biasana guguyon, lulucon, heureuy. Hal-hal penting dibungkus ku kaheureuyan, ku lulucon téa, matak resep matak ramé seuri. Tah conto pintonan drama kieu disebut longsér.
-          Sambada UPI: Ménak Baheula, Payung Butut
4.      Topéng (Banjet)
Kasenian topéng banjet mangrupa drama tradisional ti Karawang, gaya pintonanna biasana guguyon atawa bodor. Salah sahiji tokoh kasenian topéng banjet anu fenoménal nya éta Nyi Imas atawa sok disebut Ijem, grup topéngna nya éta Dewi Asmara.
Patali jeung eusi carita atawa lalakon drama, anu bisa jadi aya patalina jeung téma, aya anu disebut drama komédi, drama tragédi, jeung mélodrama.
(1) Drama Komédi
Asalna istilah komédi téh dipaké pikeun drama anu pungkasanana kabagjaan keur palaku utama (happy ending), tapi kiwari dilarapkeun kana drama anu ngolah humor sarta dipungkas ku kabagjaan palaku utama.
(2) Drama Tragédi
Drama tragédi midangkeun adegan-adegan anu penting tur serieus anu ngabalukarkeun cilaka, sedih, asor, kaniaya pikeun palaku utama. Ari sababna bisa rupa-rupa, saperti lantaran nasib, kalemahan moral tokoh, jeung saterusna.
(3) Mélodrama
Istilah melodrama mimiti dipaké pikeun pagelaran anu dipirig ku musik, kaasup opera. Kiwari dipake pikeun drama anu réa ngolah konflik batin anu ngagambarkeun gerakan galura rasa.

C.                ALOKASI WAKTU                                    : 2 x 45 menit
D.                MODEL DAN METODE PEMBELAJARAN
Pendekatan     : Kontekstual
Model              : Kompetensi/KTSP, Demontrasi.
Metode            : Langsung.
Teknik             : Pemberian tugas, latihan, tanya jawab.

E.                 BAHAN/SUMBER PEMBELAJARAN
Sudaryat, Yayat, Dkk. (2007). Makaya Basa, Bandung: Sonagar Préss.
Isnenedes, Retty. (2010). Téori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI
Kamus Basa Sunda
Power point
Lembar Kerja Siswa

F.                 ALAT
Proyector
Laptop

G.                KEGIATAN PEMBELAJARAN
Tatap Muka
a.       Kegiatan Awal (Pendahuluan) 10 menit
Apersepsi        : Mengkondisikan, membaca surat-surat pendek, mengabsen
Motivasi          : Mengajak siswa tentang memahami drama dan kaitannya dengan kehidupan       
Informasi         : Guru menginformasikan tentang indikator pembelajaran yang akan dipelajari
b.      Kegiatan Inti   : 70 menit (Eksplorasi, Elaborasi dan Konfirmasi)
Eksplorasi        : (10 menit) Menggali informasi siswa tentang drama
Elaborasi         : (50 menit)
Siswa menyimak materi tentang drama
Siswa melihat conto drama dari media video
Siswa mengidentifikasi tokoh dan karakter dalam teks drama         
                        Siswa memerankan tokoh dalam naskah drama dengan baik
           
Konfirmasi      : (10 menit) Guru mengklarifikasi dari kegiatan menelusuri dan diskusi serta menambah materi yang belum terungkap oleh siswa
c.       Kegiatan Akhir: 10 menit
·         Menyimpulkan dan menegaskan materi yang dipelajari
·         Menjelaskan kegiatan lanjutan, termasuk penugasan
·         postes
·         Menutup pembelajaran
H.                PENILAIAN
·         Jenis Tagihan            : tugas individu, dan tugas kelompok.
·         Bentuk penilaian       : kinerja, sikap ,tes dan tugas.
·         Aspek yang dinilai    : praktik, sikap dan pengetahuan.
·         Jenis penilaian           : penilaian proses dan penilaian hasil.
·         Instrumen penilaian  : Lembar kerja siswa, soal
·         Indikator tes
ü  Membaca teks drama yang akan diperankan
ü  Mempelajari teks drama yang akan diperanan
ü  Mengidentifikasi karakter-karakter tokoh dalam teks drama
ü  Memerankan tokoh yang ada dalam teks drama
ü  Memperhatikan lafal, gerak yang sesuai dengan karakter tokoh yang diperankan

·         Wangun Soal
Pancén individu
1.      Baca Naskah Drama nu judulna “Juragan Hajat”,  tuluy aprésiasi kumaha ngeunaan téma, palaku, watek palaku, latar, amanat, jeung caritakeun deui sacara ringkes!
2.      Jelaskeun ngeunaan gending karesmén, téater, longsér jeung topéng!

Pancén Kelompok
Masing-masing kelompok ngaapresiasi teks drama anu dijieun ku masing-masing kelompok anu ditugaskeun sabada pertemuan, masing-masing kelompok mintonkeun teks drama di hareup kelas!



Format penilaian
Nama   :………
Kelas   :………
Sasaran
Aspek
Kriteria
Skala

Bahasa
a.    Ucapan
Jelas
5-15
b.    Intonasi
Benar
5-15
c.    Struktur
Baku
5-10
d.   Pilihan kata
Tepat
5-10

Isi
a.   Hubungan isi
Sistematis
5-10
b.   Kelengkapan isi
Lengkap
5-10
c.   Pemahaman isi
Paham
5-10

Teknik/sikap
 a.Penyampaian bahan
Lancar
5-10
a.   Penampilan dan gerak 
Baik/sopan
5-10
Jumlah
35-100
Kesimpulan penilaian
Baik                 : 80-100
Cukup             : 60-79
Kurang            : 35-59