Senin, 05 Desember 2011

Analisis Jampe Diminyak


Kasusastraan Sunda geus lila umurna ti jaman mandegna karajaan sabab aya paropolah magis anu nuduhkeun kapercayaan ka nu mistis.
Dina kasusatraan buhun aya tilu rupa wangun nya éta wangun ugeran, wangun lancaran jeung wangun prosa lirik.
A).  Puisi Mantra
Puisi mantra téh kaasup kana wangun ugeran. Puisi mantra kaasup puisi magis sabab mangrupa karya sastra anu raket patalina jeung kapercayaan kana hal “supranatural” nya éta teu asup akal, gaib, jeung hésé kaudag ku akal manusa.
Ku ayana kapercayaan animistis jeung spiritualistis, di lingkungan masarakat Sunda aya upacara-upacara kaagamaan anu ngébréhkeun paripolah magis. Contona : ngucapkeun mantra, ngukus, jrrd. Aya ogé upacara raket patalina jeung kahirupan, contona : upacara tingkeban, nyuguh, jrrd.
Jaman harita anggota masarakat percaya kénéh kana kila-kila, tonde, teluh, jrrd.
B).  Pungsi Puisi Mantra
Pungsi mantra nya éta ngajaga diri tina balai anu datangna ti lelembutan, miceun sial, ngarah dipikaresep, dipikanyaah, miboga kadgjayaan, pikeun murna nu lian, sangkan nu maot sampurna, mergasa anu lian (nepi ka paéh), paranti ngariksa, nyinglar anu gaib, ngambah anu sanget, nulak gawé anu gaib, nulak impian nu goréng, jeung ngubaran anu gering.
Nu kaasup golongan mantra loba pisan diantarana : rajah, jampé, jangjawokan, ajian, jrrd.



C).  Analisis Jampé
JAMPÉ DIMINYAK

Minyak aing minyak watu
Beunang guguru ti ratu
Seuweu ratu jadi rusuh
Seuweu menak jadi hayang
Pada hayang ka awaking
Awaking ratu asihan
Analisis rajah dumasar :
1).    Pamarekan Struktural
Dina jampé, pamarékan struktural nyangking :
Ø  Téma               : Téma tina éta jampé téh nya éta ngadu’a jeung menta
  Aya anu mikaasih, mikadeudeuh     
Ø  Basana             : Basa anu digunakeun nya éta basa sunda jeung kapangaruhan
Ø  Gaya                : katiten tina ungkara minyak aing minyak batu  .
Ø  Wirahma          : jampéna téh baris karasa upama ditalar jeung  basana
  murwakanti.
Ø  Diksi                : Diksi atawa pamilihan kecap dina éta jampé nya éta basana
ngagunakeun kecap-kecap haying dipikaasih ku makena minyak
Ø  Amanat           : Amanat dina ieu jampé nya éta urang kudu seungit sangkan
  loba jalma anu mikaresep ku seungitna d minyak.

2).    Pamarekan Ekspresif
Ditingal tina pamarekan ékspresif, jampe ieu dijieunna ku jalma anu boga pangaweruh ti nu lian, terus digunakeun ku teu sambarang jalma, sabab ménta idin dina ngalakukeun hiji hal.

3).    Pamarekan Pragmatik
Ditingal tina pamarekan pragmatik, jampé ieu bisa mangaruhan kana nu maca jeung nu ngaregepkeun dina hal ngingetan deui yén saacan ngalakukeun hiji hal téh kedah ngadua nyuhunkeun ditangtayungan.

4).    Pamarekan Mimetik
Ditingal tina pamarekan mimetik, Jampé ieu ayana dina jaman Prabu Siliwangi, Karajaan Padjajaran alam harita. Anu memang jampé teh mangrupa salasahiji puisi mantra.

5).    Pamarekan sosiologi sastra
Ditingal tina sosiologi sastra, jampé ieu panginten tadina mah ngan aya dina lingkungan karajaan, nanging panginten beuki sumebar di masarakat anu hasilna nepi ka ayeuna élmu ngeunaan karya sastra puisi mantra hususna jampé sumebar di daérah-daérah oge aya sarta teu béda jauh jeung dina ngagunakeun ieu jampe teu sambarang jalma sabab ngan jalma nu geus boga élmu nu luhur.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar