Senin, 05 Desember 2011

WANGENAN SISINDIRAN


SISINDIRAN
Sisindiran teh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu di balibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung eta, dina sastra sunda anu disebut sisindiran teh nya eta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun the dibungkus ku cangkangna.
Wangunan sisindiran teh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran teh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
  1. Rarakitan
Rarakitan nya eta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Eta cangkang jeung eusi teh padapapak di puhuna ( mindoan kawit). Salian ti eta, antra cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas nu aya dina sisindiran mah nya eta laraswekas anu kaselang heula, siga pocorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu popular the rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisn ; dua cangkang jeung dua deui eusina.
Conto rarakitan
Mun teu tulus ka paseukna,
Ka pancirna oge hade,
Mun teu tulus ka lanceukn ,
Ka adina oge hade.
Analisis
Rarakitan diluhur di wangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, dimimitian ku kecap mun, saru jeung padalisan kahiji dina eusi.padalisan kadua dina cangkang dimimitian ku kecap ka,sarua jeung padalisan kadua dina eusi. Hartina, cangkang jeung eusi teh padapapak puhuna saperti rakit nu matak di sebut rarakitan. Bisa oge disebutkeun, cangkang jeung eusi teh mangrupa purwakanti mindoan kawit. 
Ayeuna tangetan engang panungtungna. Engang panungtung padalisan kahiji dina cangkang ny eta nu murwakanti jeung engang panungtung padalisan kahiji dina eusi. Engang panungtung padalisan kadua dina eusi.
Jumlah engangna dina unggal padalisan aya padalisan aya dalapan engang geura urang rucat hiji-hiji:
Mun-teu-tu-lus-ka-pa-seuk-na (8 engang)
Ka-pan-cir-na-o-ge-ha-de                    (8 engang)
Mun-teu-tu-lus-ka-lan-ceuk-na           (8 engang)
Ka-a-di-na-o-ge-ha-de                                    (8 engang)
Ditilik tina eusina, rarakitan teh bisa di golongkeun kana tilu golongan nya eta rarakitan silihasih, piwuruk, jeung sesebred.
  1. Paparikan
Kecap paparikan asalna tina kecap parek nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna papariakan teh meh sarimbag jeung rarakitan. Bedana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit). Tapi ukur deukeut sorana, sarta murwakanti dina unggal padalisanna (murwakanti laraswekas). Lebah jumlah padalisan dina sapadana jeung rarakitan,
Tangetan conto paparikan di handap!
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun.
Mun bogoh montog ka semah,
Ari anggang sok leungiteun.
Analis
Papariakan di luhur diwangun ku opat padalisan: dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui padalisan kadua dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kadua dina eusi. Sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, murwakanti jeung sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, kitu deui sora panungtung padalisan kadua dina cangkang, murwakanti jeung sora panungtung padalisan kadua dina eusi.
  1. Wawangsalan
Wawangsalan the nya eta karangan anu di wangun ku sindir jeug eusi. Dina sindir di wangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu di jieun wangsalna teh tara di tetelakeun. Kudu di teangan tina bagian eusi tea.
angetan conto wawangsalan di handap!
Teu beunang di situ lembur,
Teu beunang di ulah-ulah.
Dina wawangsalan anu disebut cangkang teh padalisan kahiji, ari eusina padalisan kadua. Dina conto di luhur, aya kecap situ lembur dina cangkangna. Naon ari situ lembur teh? Jawabanana kudu diteangan dina eusina. Dina eusi aya kecap di ulah-ulah. Teangan kecap anu deukeut jeung di ulah-ulah nu mangrupa jawaban kana situ lembur. Tangtu bae lain balong jeung empang, sabab duanana oge henteu murwakanti jeung kecap diulah-ulah. Anu murwakanti mah nya eta kulah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar