Senin, 05 Desember 2011

FILSAFAT BUDAYA SUNDA “UPACARA ADAT PANGANTENAN”


FILSAFAT BUDAYA SUNDA
“UPACARA ADAT PANGANTENAN”

A.      Bubuka.

Saacan urang ngaguar leuwih spesifik deui ngeunaan filsafat budaya sunda ngeunaan upacara adat pangantenan, hayu urang uihan deui kana naon wangenan élmu filsafat téh, sarta naon patalina antara élmu filsafat jeung budaya sunda hususna dina upacara adat pangantenan.

Filsafat téh nya éta kréasi atawa cara pandang hiji jalma/sakelompok jalma pikeun nangtukeun hiji bebeneran, ditalungtik maké disiplin élmu nu gembleng, dititénan sacara sistematis, sarta disusun dina hiji skema konsépsi anu universal. pakguruonline.pendidikan.net.

Patalina élmu filsafat jeung budaya sunda hususna upacara adat panganténan téh nya éta disababkeun yén filsafat téh aya dina gunggungan kabudayaan, kabudayaan nyalira hartosna elmu anu mesék/medar hiji kabiasaan atawa hasil ciciptan manusa anu diukur sacara sistematis anu disebut budaya téa.

Tah tidieu bisa dicindekkeun yén kabudayaan téh moal bisa leupas tina filsafat nu ngajéntrékeun budayana, sarta ajén-inajén budaya anu dipaké dina hiji kabudayaan, hususna kabudayaan sunda dina upacara adat panganténan.


B.     Filsafat dina Upacara Adat Panganténan Urang Sunda

1.      Neundeun Omong.
talatah ti pihak lalaki ka wawakilna sangkan diomongkeun ka pihak awéwé anu rék dikawinna. Ajén filsafatna didieu nya éta sangkan pihak awewe anu rek dikawin ku pihak lalaki teh nyaho, yen aya pamksadan ti pihak lalaki haying babarayaan ngahijikeun dua kulawarga jadi hiji.
2.      Lamaran.

Dilaksanakeun ku datangna kolot reujeung kulawarga ti pihak lalaki ka imah kulawarga pihak awewe bari mawa lamareun, duit, jeung papakean jang awewena, sarta cingcin. Ajen filsafatna dina ieu upacara adat lamaran teh nya eta sangkan bisa ngiket pihak awewe jeung pihak lalaki ameh dua calon salaki pamajikan teh, teu baluar-balieur deui neangan nu sejen.

3.      Seserahan.

Calon paganten lalaki mawa duit, raksukan, parabot rumah tangga, parabot dapur jeung dahareun. Ajen filsafatna nya eta ngacirikeun yen jadi salaki teh kudu nembongkeun tanggung jawabna, kudu nyukupan sagala kaperluan pamajikan jeung rumah tangga na, sangkan ngabina rumah tangga anu makmur sejahtera.




4.      Ngeuyeuk Seureuh

Dipingpin ku pangeuyeuk, dibarengan ku lagu kidung. Ajen filsafatna didieu nya eta ditingali tina prosesi dua panganten menta ijin jeung doa restu ka kolotna sangkan bisa ngawangun kulawarga anu bagja lahir batin dunia rawuh akherat. Sarta ditambahan ku papatah ti pangeuyeuk jang dua mempelai. Katambah lambang-lambang nu dipake dina ieu prosesi teh miboga ajen filosofis kasundaan anu kacida saena, saperti disawer beas sangkan hirup na sejahtera, dikeprak ku sapu nyere bari dipapatahan sangkan silih mikanyaah jeung getol digawena, muka lawon bodas panutup pangeuyek ngalambangkeun rumah tangga nu rek dipilampah ku dua mempelai masih bersih can aya kokotor, meulah jambe ngalambangkeun sangkan silih mikanyaah jeung bisa nyaluyukeun diri, jrrd.

5.         Nyieun Lungkun.

Dua lambar daun seureuh anu aya regangna keneh diteundeun pahareup-hareup. Digulung jadi hiji tuluy ditalian make benang kanteh. Dibarengan ku kolot para calon panganten jeung para tamu. Ieu prosesi teh miboga ajen filosofis sangkan jaga rejeki anu dipiboga ku eta calon panganten umpamana kaleuleuwihan bisa dibagi-bagi ka dulur-dulurna.
6.         Rebutan Duit.

Ieu prosesi teh si dua calon panganten aya di handapeun samak sabari disawer. Ajen filosofis dina ieu upacara adat teh nyaeta berlomba neangan rejeki jeung dipikanyaah ku kulawarga.

7.         Akad Nikah.

Ieu prosesi teh mangrupa acara inti tina upacara kawinan, sabab dina prosesi ieu mangrupa prosesi ngahijikeunna dua manusa, lalaki jeung awewe dina hiji kahirupan Saumur hirup. Dilambangkeun ku dikurunganna dua panganten keur prosesi ku kudung warna bodas, nu nandakeun yen bakal ngahijina dua insan dina tudung kahirupan, jeung bodas miboga harti beresih. Tuluy ajen filosofis dina prosesi akadna mah, sing saha anu geus ngaliwatan prosesi ieu berarti eta pasangan teh geus papada dewasa, siap pikeun ngawangun kahirupan duaan, geus bisa ngemban tanggung jawab ngadidik manusa (anak), jeung bisa ngahijikeun dua pamikiran anu beda sarta bisa nyaluyukeun hirup jeung batur hirupna.

8.         Sungkeman.

Ieu prosesi teh ngabogaan ajen filosofis yen saacan anak leupas salawasna tina tanggung jawab kolot manehna kudu ngadungkuk hormat sarta menta doa sangkan dina kahirupanna engke duaan sagalana bisa lungsur-langsar.

9.         Saweran.

Upacara adat ieu salawasna sering keneh dipake tepi ka ayeuna, nya eta dua panganten direndengkeun diuk dina panyaweran, tuluy dipayungan, aya juru mamaos anu nembangkeun pupuh anu eusina papatah pikeun panganten. Tah tina ieu prosesi teh nu jadi ajen filosifisna aya dina pangawur jang sawereunnana. Saperti beas, ngalambangkeun sangkan hirup serba kacukupan moal kalaparan, sabab beas mangrupa kadaharan poko urang. Koneng, ngalambangkeun emas nu mangrupa symbol kamakmuran, peremen, amis ngalambangkeun sangkan dina ngajalankeun hirup duaan teh jauh tina kasusah. Duit, mangrupa simbol kadigjayaan.

10.     Meuleum Harupat.

Panganten awewe meuleum harupat make lilin, tuluy dibanjur make cai tina kendi, tuluy harupat dipotongkeun ku panganten lalaki. Ajen filosofis dina prosesi ieu nya eta supaya panganten henteu geutas harupaten, atawa gancang putus asa.

11.     Nincak Endog.

Panganten lalaki nincak endog jeung elekan nepi ka peupeus. Tuluy dampal sukuna dikumbah ku cai kembang jeung dielap ku panganten awewe. Prosesi ieu ngalambangkeun yen pamajikan kudu salawasna ngahurmat, jeung ngalayanan salaki.

12.     Buka Pintu.

Dimimitian ku ngetok panto tilu kali, diayakeun Tanya jawab make sisindiran antara panganten awewe jeung panganten lalaki, sabada syahadat dibacakeun, panto dibuka, panganten lalaki asup tuluy ka pelaminan. Ajen filosofis anu aya dina ieu prosesi teh nya eta sangkan awewe mikanyaho kumaha carana ngabageakeun salaki lamun salaki balik ka imah.


13.     Huap Lingkung.

Nya eta pabedol-bedol bakakak, sanggeus meulah jadi dua silih huapan. Ngalambangkeun sangkan dina hirup paduduaan teh kudu silih mikaasih, mikanyaah jeung babagi boh lahirna, boh batinna.


C.     Kacindekan

Tos katingali ku urang sadayana, yen dina budaya prosesi upacara adat pangantenan urang sunda teh seueur pisan titincakanna, ti mimiti neundeun omong, nepi ka huap lingkung. Eta sakabeh prosesi teh teu ngan saukur  prosesi adat titinggal karuhun wungkul, tapi miboga ajen-ajen filosofis anu luhung.
Ieu kabudayaan teh jaman kiwari mah geus jarang aya nu make, ngan sabagean masarakat wungkul nu make sakabeh prosesi upacara kawinan nu dijentrekeun di luhur.
Kalolobaanna jaman kiwari masarakat sunda ngan make prosesi adat lamaran, seserahan, akad nikah, jeung saweran hungkul. Teu saeutik oge masarakat sunda nu teu make upacara adat pangantenan kasundaan sabab geus loba dipangaruhan ku budaya bangsa kulon.
Tungtung catur ti panulis, terus mumule budaya urang sunda, sangkan jati teu kasilih ku junti.













D.    DAFTAR PUSTAKA

Bottom of Form


Tidak ada komentar:

Posting Komentar