Senin, 05 Desember 2011

Wangenan Jampe


JAMPE
Jampe teh kaasup puisi mantra keneh.rumpaka na nu parondok,aya nu paranjang.digunakeun dina rupa-rupa kapentingan.Fungsi pang utamana nya eta pikeun kasalametan diri : supaya ulah keuna ku mamala,jeung supaya dipikaasih ku nu lian. Jadi, Dina kapercayaan buhun biasana anu sarepuh sok jampena ngambat marulangkalih.Dina ieu jampe tujuana pikeun kasalametan.
Contona
 Jampe budak labuh.
Jampe,jampe harupat
Geura gede, geura lumpat,
Coh,coh torolong!
Katerangan
Harupat teh nya eta Bagean injuk nu pang badagna atawa dina tangkal kawung.
Hasil Analisis
Zaman buhun mah  ngubaran teh biasana sok aya pamakena saperti conto di luhur. Fungsi jampe di luhur pikeun kasalametan diri sangkan teu kena mamala, jeung supaya di pikaasih ku nu lian. Jampe di luhur oge mangrupa doa pikeun manusa. Lian ti eta biasana ieu jampe mangrupakeun saucap kolot anu ngadoakeun budakna supaya bisa kahontal cita-citana.
Dumasar kana mangpaat apresiasi
Ayana ajaran moral sabab aya papatah ti kolot lian ti eta ngandung ajen bebeneran, kaendahan jeung kahadean anu bisa nyiptakeun manusa budaya ( Cultural man).
Bisa di cindekkeun yen nu di sebut jampe teh nya eta kagiatan neuleuman karya sastra nepi ka ngarti, nyaho kana maksud atawa eusi karya sastra, mere ajen, boga sikep batin anu hade sarta meunang kani’matan tina karya sastra.
Tujuan
Dipikaharep sangkan para peni’mat hade mibanda pangaweruh kaparigelan, jeung sikep nu hade tur mampuh neuleuman ajen inajen nu di tepikeun karya sastra mampuh ngebrehkeun pangalaman estetisna ngaliwatan media basa boh lisan atawa tulisan.
Analisis jampe ngagunakeun pamarekan stukutral nyangking kana:
·         Tema
Jangjawokan ieu téh ngeunaan pidu’a kolot ka anakna
·         Basa
Dina ieu jampe aya kecap harupat. Kecap ieu téh kekecapan nu dipaké pikeun bagan injuk nu pang badagna sa gede-gede nyere baheula sok di pake kalam pikeun nulis aksara arab.. Dina jangjawokan ieu ogé teu maké kecap tina basa arab.
·         Wirahma
Bakal karasa saumpama dibacana bari jeung daria.
·         Diksi
Jampe ieu téh kapangaruhan ku kakuatan karuhun. Katitén tina eusi aya kecap harupat.
·         Amanat anu nyangkaruk dina jampe ieu nya éta Ajén Kamasarakatan Fungsi pang utamana nya eta pikeun kasalametan diri, supaya ulah keuna ku mamala,jeung supaya dipikaasih ku nu lian. Jadi, Dina kapercayaan buhun biasana anu sarepuh sok jampena ngambat marulangkalih.Dina ieu jampe tujuana pikeun kasalametan.
·         Kamekaranna
Kamekaran jampe ieu téh masih dipake ku sabagean masarakat.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar