Senin, 05 Desember 2011

WANGENAN KAKAWIHAN


KAKAW IHAN
Kakawihan disebut oge kawih murangkalih atawa kakawihan barudak, sabab biasa dikawihkeun ku barudak. Umumna kakawihan raket patalina jeung kaulianan barudak.
Istilah kakawihan teh saenyana mah mangrupa istilah seni sora. Upamana ayeuna jadi ulikan sastra, lantaran umumna rumpaka kakawihan mangrupa puisi (buhun): ngandung wirahma, murwakanti, sarta kauger ku cirri-ciri puisi liana.
Kakawihan teh mangrupa karya balarea, hartina henteu kanyahoan saha anu ngarangna. Sumeberna tatalepa sacara lisan.
Tadi geus disebutkeun, yen yen kakawihan teh raket pisan patalina jeung kaulinan barudak. Upamana bae dina ucing-ucingan. Memeh prung teh , nangtukeun ucingna hompimpah heula anu dikawihkeun, unina:
Hompimpah alaikum gambreng,
Ma Ijah make baju gombreng.
Kakawihan teh eusina rupa-rupa, sawareh aya nu patali jeung alam atawa mahluk hirup sejenna. Upamana pasosore keur arulin, nenjo kalong hiber, ngong kakawihan, unina:
Kalongking kalongking,
Bapa sia Utah ngising,
Dibura ku madu kucing,
Madu kucing meunang maling.
Reup peuting, bulan nembongan. Ngong deui barudak karakawihan:
Bulantok bulantok,
Menta uyah sabatok.
Atawa:
Bulantok bulantok,
Bulan gede bulan montok,
Moncorong sagede batok.
Upama keur arulin, breg hujan. Ngong deui kakawihan, anu cenah pikeun ngaraatkeun hujan. Kakawihanana:
Trang trang kolentrang,
Si londok paeh nundutan,
Mesat gobang kabuyutan,
Tikusruk kana durukan,
Nyeh prot, nyeh prot.
Analisis kakawihan ngagunakeun pamarekan structural nyangking kana:
·         Tema
Kakawihan ieu ngeunaan alam atawa makhluk hirup sejenna. Basa dina kakawihan ieu teh ngagunakeun basa sunda.
·         Wirahma
Di tembangkeun dina rupa lagu nu beda-beda
·         Diksi
Eusi diksi ieu ngebrehkeun yen nu ngarana kakawihan teh zaman baheula mah di pake nalika keur alrulin di buruan bri resep tur ngriung bari nyanghujar.
·         Amanat
Amanat kakawihan di luhur nya eta, urang salaku manusa anu hirup kumbuh di suku sunda khususna kudu reueus tur kudu ngamumule hasil cipta karya buhun anu kalintang hadean lian ti eta kakawihan miboga ajen anu sifatna atikan keur jalma rea khusna masarakat sunda.
·         Ajen kamasarakatan
Masarakat nu kakawihan ieu masarakat sunda khususna. Biasana di kalangan barudak leutik anu miboga sifat social bari di arulnkeun tapi lain ngansaukur di lagukeun tapi aya nasehat keur urang balarea khususna urang sunda sangkan kakawihan ieu teu bisa di gantikeun tur hirup salila aya alam jagat raya.
·         Kamekaran 
Nepi ka ayeuna oge nu ngarana kakawihan teh mangrupakeun wujud budaya anu miboga unsur kaendahan miboga unsur atikan. Husus na di lembur kuring kakawihan ieu masih keneh di lagukeun boh ku budak leutik ku kolot ku rumaja rumaja biasa na bari cingogo di buruan imah.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar