Senin, 05 Desember 2011

Carpon Alit

Polah anu Mawa Cilaka

Basa keur peuting si Rosid kabeurangan saur, hudangna téh pas pisan adan subuh. Ambek-ambekan ka babaturan kosanna lantaran teu dihudangkeun. Padahal ceuk si wandi ogé geus gogorowokan jeung digegedor tarik ogé teu hudang-hudang. Éta mah manéhna wéh saréna péuting teuing da maén PS jeung si Rudin nepi ka jam 12, témbal Wandi sabari gagasrak kana bujur. Teu lila Rosid nuluykeun deui saréna da keur ngimpikeun Luna Maya.
Hudang-hudang téh jam 10 da arék aya kuliah jam 10:40 téh, lulumpatan ka kamar mandi da sieun katinggaleun. Ningali panto nutup kabéh da arayaan jerona nu keur mandi. Jaba ngan aya tilu kamar mandina téh. Dijero kadéngé sora si Rudin keur ngahaleuangkeun laguna ST 12 bari engék-engékan.
Ngahirupan motor dina parkiran anu kacida pabeulitna da ngan saukur 3x5 ukuranana, didinya... aya sapuluh leuwih meureun nu parkir téh. Jaba aya sagala rupa étah dina parkiran téh nepikeun ka bangké nyingnying ogé aya, katambah aya tukang donat anu nyautan waé, ‘’didonatan..donat..doonatt….doooonnaaaaatt’’. beuki rieut wéh sirah téh.
Nepi ka kampus manéhna kabeurangan, ceuk dosen ‘’Rosid manéh mah hirup téh ngan kebeurangan waé, keur mah absén siga kapal selam (sakapeung teuleum sakapeung pucunghul timbul)’’.
Hirup uing téh meuni apes-apes teuing , Geus mah saur euweuh nu ngahudangkeun, motor rék kaluar hésé, katambah dicarekan ku dosén da kabeurangan téa. Ceuk si Rosid ngageureunyeum bari diuk di juru kelas.
Sanggeus balik kuliah si Rosid dug deui saré, da gawéna téh saré wé jeung saré. Teu lila ti reup na si rudin, Wandi ngagedor panto tarik pisan “magrib,magrib,magrib gancannggg hudang din buka yeuh..” ceuk Wandi bari gegedor. Langsung wé Rosid téh ngagoréjad nginum cai sagelas gedé bakat ku reuwas manéhna teu kaburu ngadoa-doa acan.
Si Wandi seuseurian nempokeun si Rosid nginum cai. “naha geuning manéh kalah seuri Wan?” ceuk Rosid ka Wandi.
“Hahahahaha manéh katipu, naon da adan mah sajam deui urang mah ngan ngabobodo wungkul” ceuk Wandi.
Si Rosid kerung ambek..”seblukkk siahhh!!uing di bobodo!”
“Sabar sabar..” ceuk si Rosid bari ngusapan dada.
Sajam ti dinya, ALLAHUAKBAR ALLAHUAKBAR...
Adan masjid tarik kadenge népi ka kosan.
“Tah ayeuna beneran Sid”, matakna tong saré waé ari keur puasa teh sanajan saré keur puasa téh ibadah tapi aya kagiatan nu leuwih hadé tibatan saré mah, ngaji-ngaji atuh atawa ngilu jeung urang masantrén kilat di masjid terus ari puasa mah tong loba amuk-amukan lain nahan lapar waé tapi nahan hawa napsu! Ceuk Wandi ka si Rosid
“Oh, enya uy isukan mah urang ngilu ka manéh wé da ari saré waé mah urang téh apes waé jeung asa jadi pinter manéh téh Wan ari masantrén mah. ”
“ahhh dasar manéh mah, heug atuh!”
Ahirna si Rosid sadar, anu ngarana bulan puasa mah nya éta nahan hawa napsu, boh dina jasmani atawa rohanina terus lain kudu saré waé sanajan saré téh ibadah tapi aya kagiatan nu leuwih hadé ti batan saré.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar